notepad oh notepad

mun teu boga notepad, teuing kumaha gawean urang jadina. buktina tadi, urang urang nyatetkeun naon wae nu kudu dibwa, eh, diinjeum. mimiti, minjeum process sheet ka bagian process, tuluy minjeum part assembly ti lantai dua, anu jauhna kacida. lin jauh ku jarakna, tapi ku luhur bangunan nana. can parat ti dinya, terus dititah minjeum tool ka gudang. tah, didieu yeuh anu rada pikacuaeun, nu jaga na rada rese, goreng adat. lah, atteuh,…….

teu kabayang lamun euweuh notepad, jiga na ditengah jalan urang bulak-balik ka ruang CAU nanya supervisor naon wae nu kudu dibawa. ma’lum, limpeuran. heuheuheuheuheu…..

terima kasih notepad, kamu udah nyambung hidup akuh…….
heuheuheuheuheu, lebay……………

Wong Becik Ketitik, Wong Ala Ketara

Najan kaayaan na jiga kieu, batur euweuh nu percaya, sabar we, da wong becik ketitik, wong ala ketara. engke oge nu salah mah bakal kapanggih.

Moal aya rugi na jadi jalma sabar mah. Paling rugi na ukur hiji, nyaeta teu gurung gusuh. Hiji waktu oge bakal kaalaman, yen hirup teh teu ngan saukur ayeuna hayang isuk geus aya. Tapi sok aya anu disebut proses. Ngitung oge apan ti enol heula, terus ka hiji, dua, tilu, jeung saterusna, nu nandakeun urang hirup kudu tartib, nyaeta ngaheulakeun perkara anu kudu tiheula jeung maneurikeun perkara anu kudu paneuri. One step at a time mun ceuk paribasa Inggris na mah.

Mugi mangpaat. Hatur nuhun.

20120113 faam kilabid

eop ijihak pusa ewag uet aya asar una hena, babas un huewir an eop-eop anhememas.

uad uggnim angnakutak sueg uet asib eras, naitimimid sap ker set aracnawaw ak micloh, laggnat 31, sotaas kecdem id TP. ID. ignew an inem eseh nasip nuekmueruem nonap. gniuet noanuk. gniuet hadep anaracnawaw aet id okot nemes, gniuet noan ha, un salej asarak an ham, luekgnac ew gnuej epac anak kawa an.

it karpas atirah, eseh nasip gnayah eras hememas maj 11 gnituep het.

 

 

gnosok

pernah teu, ngaraosan

batur nyarios, kakuping mah eta oge kakuping, tapi teu tiasa kahartos

titinggalan teh asa acak-acakan, padahal teu aya nu kakalayangan

hate asa heurin, padahal eta teh nuju ngajanteng di tengah sawah

mun kitu kabuktosan nana, kedah kumaha atuh sim kuring teh?

Limpeuran

Imah pangacian raga.

Basa pangacikan rasa.

Sunda pangacikan kula.

 

ma’lum, matak kasebut na limpeuran oge, teu inget naon kajadian nu geus kaliwat. eta oge aya, nu inget, ngan saeutik. saeutik…… pisan. mun aya oge, nu pikawaaseun wungkul. tapi, da, bade kumaha deui, atos dipasihan ku Gusti na nu sapertos kieu.

hiji dinten-duka dinten mana, waktos iraha-, sim kuring ngimpen, dina impenan eta, sim kuring teh dibonceng ku istri. si istri eta socana sipit, turunan jiga na mah. tah, sajajalan teh, eta istri nyupiran nana engkog-engkogan, jiga nu nahan kanyeri. ku abdi teh ditaros,

“kunaon bu?”

“teu kunanaon”, saurna. nya atos, sim kuring teh teu nyarios nanaon deui.

naha ari pas dugi ka bumi na, pas si eta istri bade turun tina motor, dina bitis na aya getih. euleuh-euleuh, kunaon eta. mun kaguguran, getihna pasti ti luhur, sanes tina bitis hungkul. mun raheut, pasti aya luka, tapi da ieu mah teu aya nanaon, kur getih hungkul. raka na si istri, nu aya di payuneun bumi na oge, reuwaseun. langsung we ku sim kuring sareng raka na eta istri dicandak ka bumina.

tapi, nu namina impian, sok kapotong ku hudang. nya, ari tos beunta mah, beunta we. atosan weh. kakuping komat ti masjid.

Aero ’08

 

ᮃᮆᮛᮧ ‘|᮰᮸|

|᮱|. ᮃᮘ᮪ᮓᮥᮜ᮪ ᮋᮥᮓᮥᮞ᮪

|᮲|. ᮃᮂᮙᮁ ᮞᮘᮘ

|᮳|. ᮃᮊ᮪ᮙᮜ᮪ ᮃᮂᮙᮓ᮪ ᮊ᮪ᮠᮧᮜᮃᮞᮂ

|᮴|. ᮃᮔ᮪ᮓᮢᮤᮃᮔ ᮞᮦᮒᮤᮃᮓ᮪ᮚ᮪

|᮵|. ᮃᮛᮤᮖ᮪ ᮜᮥᮊ᮪ᮙᮔ᮪ ᮠᮊᮤᮙ᮪

|᮶|. ᮘᮌᮥᮞ᮪ ᮃᮁᮙᮔ᮪ᮓᮧ ᮕᮥᮒᮢ ᮓᮦᮝ

|᮷|. ᮘᮚᮥ ᮒᮅᮖᮤᮊ᮪ ᮠᮤᮓᮚᮂ

|᮸|. ᮎᮠᮡ ᮛᮙ᮪ᮓᮔᮤ

|᮹|. ᮎᮦᮔ᮪ᮓ᮪ᮚ᮪ ᮕᮥᮁᮝᮔ᮪ᮓᮤ

|᮱᮰|. ᮎ᮪ᮠᮄᮛᮥᮜ᮪ ᮃᮔ᮪ᮝᮁ

|᮱᮱|. ᮓᮔᮤᮃᮜ᮪ ᮎ᮪ᮠ᮪ᮛᮤᮞ᮪ᮒᮤᮃᮔ᮪ ᮕᮛᮥ ᮔᮒᮥᮔ᮪

|᮱᮲|. ᮓᮦᮝᮀᮌ ᮕᮢᮓᮤᮒᮡᮧ ᮕᮥᮒᮢ

|᮱᮳|. ᮓᮤᮎ᮪ᮊ᮪ᮚ᮪ ᮙᮥᮞ᮪ᮒᮧᮖ

|᮱᮴|. ᮓᮤᮙᮞ᮪ ᮞᮤᮌᮤᮒ᮪ ᮔᮥᮌᮢᮠ

|᮱᮵|. ᮆᮊᮧ ᮖᮦᮁᮔᮔ᮪ᮓᮧ

|᮱᮶|. ᮌᮦᮁᮛ᮪ᮚ᮪ ᮊ᮪ᮠᮛᮤᮞ᮪ᮙ ᮛᮊ᮪ᮞᮓᮤᮔᮒ

|᮱᮷|. ᮠᮤᮜ᮪ᮓ ᮖᮤᮒᮢᮤᮚᮔ᮪ᮒ᮪ᮚ᮪ ᮕᮥᮒᮢᮤ

|᮱᮸|. ᮄᮙᮔᮤᮃᮁ ᮇᮎ᮪ᮒᮤᮗᮤᮃᮔ ᮃᮁᮒᮤᮊ

|᮱᮹|. ᮙᮥᮠᮙᮓ᮪ ᮘᮠᮛᮥᮓᮤᮔ᮪ ᮃᮊ᮪ᮘᮁ

|᮲᮰|. ᮙᮥᮠᮙᮓ᮪ ᮔᮥᮁ ᮖᮤᮊ᮪ᮛᮤ

|᮲᮱|. ᮙᮥᮠᮙᮓ᮪ ᮞᮤᮓᮤᮋ᮪ ᮔᮥᮁᮓᮤᮔ᮪

|᮲᮲|. ᮙᮥᮠᮙ᮪ᮙᮓ᮪ ᮃᮓ᮪ᮠᮤᮒᮡ

|᮲᮳|. ᮔᮥᮁ ᮃᮂᮙᮓ᮪ ᮖᮓ᮪ᮠᮤᮜ᮪ᮜᮃᮂ

|᮲᮴|. ᮛᮠᮚᮥ ᮊᮥᮞ᮪ᮙᮔ

|᮲᮵|. ᮛᮙ᮪ᮓᮔᮤ ᮞᮆᮕᮥᮜᮨᮞ᮪ᮙᮔ᮪

|᮲᮶|. ᮛᮂᮙᮒ᮪ ᮚᮥᮜᮤᮃᮁᮓᮤ

|᮲᮷|. ᮞᮊ᮪ᮒᮤ ᮚᮥᮓ᮪ᮠ

|᮲᮸|. ᮞᮧᮜᮦᮂ

|᮲᮹|. ᮒᮧᮙ᮪ᮙ᮪ᮚ᮪ ᮙᮅᮜᮔ ᮙᮜᮤᮊ᮪

|᮳᮰|. ᮒᮢᮤᮇᮌ ᮔᮥᮌᮢᮠ

Astrajingga, Udel jeung Gareng

Di handap ieu, aya conto guguritan anu dianggit maké patokan pupuh balakbak. Eusina wuwuh pikaseurieun saluyu jeung watek pupuh Balakbak.





ᮃᮞ᮪ᮒᮢᮏᮤᮀᮌ, ᮅᮦᮓᮜ᮪, ᮏᮩᮀ ᮌᮛᮦ

 


ᮘᮩᮍᮩᮒ᮪ ᮘᮩᮛᮩᮙ᮪ ᮠᮥᮔ᮪ᮒᮥ ᮠᮤᮏᮤ ᮏᮩᮀ ᮘᮧᮜᮧᮒᮧᮒ᮪, ᮑᮦᮛᮦᮍᮦᮂ

ᮍᮛᮔ ᮒᮦᮂ ᮃᮞ᮪ᮒᮢᮏᮤᮀᮌ ᮔᮥ ᮊᮒᮨᮜᮂ, ᮌᮩᮞ᮪ ᮘᮨᮊᮦᮔ᮪

ᮞᮧᮊ᮪ ᮞᮔᮏᮔ᮪, ᮞᮧᮊ᮪ ᮞᮔᮏᮔ᮪

ᮛᮦᮃ ᮠᮥᮒᮀ ᮃᮀᮌᮨᮁ ᮞᮨᮔᮀ, ᮍᮜᮦᮌᮦᮌ᮪

ᮃᮝᮊ᮪ ᮛᮨᮀᮊᮥᮀ ᮛᮩᮏᮩᮀ ᮏᮀᮊᮥᮀ ᮄᮛᮥᮀ ᮙᮔ᮪ᮎᮥᮀ, ᮞᮤ ᮅᮓᮦᮜ᮪

ᮘᮩᮊᮤ ᮞᮛᮦ ᮘᮩᮊᮤ ᮓᮠᮁ ᮘᮩᮛᮀ ᮕᮩᮒᮤᮀ, ᮍᮌᮠᮦᮜ᮪

ᮊᮘᮩᮊᮤᮔ, ᮊᮘᮩᮊᮤᮔ

ᮊᮨᮔ᮪ᮒᮀ ᮌᮧᮛᮦᮀ ᮓᮤᮘᮝᮍᮔ᮪, ᮕᮢᮨᮊᮨᮓᮦᮜ᮪

ᮄᮛᮥᮀ ᮔᮙ᮪ᮘᮢᮥ ᮠᮥᮔ᮪ᮒᮥ ᮒᮧᮀᮌᮁ ᮍᮧᮙᮧᮀ ᮞᮥᮌᮜ᮪, ᮞᮤ ᮌᮛᮦᮀ

ᮌᮙ᮪ᮕᮀ ᮃᮙ᮪ᮘᮨᮊ᮪ ᮒᮩ ᮕᮥᮕᮥᮌᮥᮂ ᮊ ᮞᮞᮠ, ᮍᮌᮙ᮪ᮘᮢᮦᮀ

ᮊᮠᮚᮀᮔ, ᮊᮠᮚᮀᮔ

ᮒᮩ ᮊᮇᮕ᮪ ᮒᮩ ᮓᮤᮒᮨᮓᮥᮔᮔ᮪, ᮑᮀᮌᮦᮛᮦᮀ


kéngéng nyandak tina buku Gapura Basa 1b

Teu acan ngartos? Di handap ieu disayogikeun transliterasi na


Astrajingga, Udél, jeung Garéng

beungeut beureum huntu konéng jeung bolotot, nyéréngéh
ngarana téh Astrajingga nu katelah, geus bekén
sok sanajan, sok sanajan
réa hutang angger senang, ngalégég

awak rengkung reujeung jangkung irung mancung,  si Udél
beuki saré beuki dahar beurang peuting, ngagahél
kabeukina, kabeukina
kentang goréng dibawangan, prekedél

irung nambru huntu tonggar ngomong sugal, si Garéng
gampang ambek teu pupuguh ka sasaha, ngagambréng
kahayangna, kahayangna
teu kaop teu ditedunan, nyanggéréng

Kembang harepan

ᮊᮨᮙ᮪ᮘᮀ ᮛᮧᮞ᮪

 

 

ᮊᮨᮙ᮪ᮘᮀ ᮛᮧᮞ᮪ ᮔᮥ ᮙᮒᮊ᮪ ᮜᮥᮎᮥ,

ᮑ  ᮃᮜᮥᮞ᮪ ᮛᮥᮕ ᮑ ᮞᮩᮍᮤᮒ᮪,

ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮃᮚ ᮕᮕᮓᮔ,

ᮛᮒᮥᮔᮤᮀ ᮊᮨᮙ᮪ᮘᮀ ᮞᮏᮒᮤ,

ᮕᮕᮆᮞ᮪ ᮓᮤ ᮕᮒᮙᮔᮔ᮪,

ᮞᮩᮍᮤᮒ᮪ ᮙᮔᮤᮞ᮪ ᮍᮓᮜᮤᮀᮓᮤᮀ,


ᮔᮥ ᮝᮥᮍᮥ ᮙᮒᮊ᮪ ᮊᮚᮥᮀᮚᮥᮔ᮪,

ᮔᮥ ᮌᮓᮤᮀ ᮕᮀᮠᮥᮓᮀ ᮞᮛᮤ,

ᮃᮔᮥ ᮘᮧᮓᮞ᮪ ᮙᮒᮊ᮪ ᮝᮃᮞ᮪,

ᮘᮩᮛᮩᮙ᮪ ᮊᮧᮔᮦᮀ ᮝᮥᮝᮥᮂ ᮙᮔᮤᮞ᮪,

ᮙᮥᮔ᮪ ᮠᮔ᮪ᮒᮨᮙ᮪ ᮓᮃᮝᮞ᮪-ᮃᮝᮞ᮪

ᮘᮩᮊᮤ ᮒᮙ᮪ᮘᮂ ᮔᮛᮤᮊ᮪ ᮃᮒᮤ.

Bilih teu acan ngartos kana tulisan diluhur, di handap ditulis transliterasina ku aksara latin.

wilujeng ngaos

Kembang Harepan

Kembang ros nu matak luyu

Nya alus rupa nya seungit

Henteu aya papadana

Ratuning kembang sajati

Papaés di patamanan

Seungit manis ngadalingding

Nu wungu matak kayungyun

Nu gading panghudang sari

Beureum konéng wuwuh manis

Mun hantem diawas-awas

Beuki tambah narik ati

Sajak

Nuju mukaan buku basa sunda tilas tétéh, taun ’91, kurikulum 1986 ;). éh, mendakan sajak, nu eusina téh kieu:

ᮠᮛᮨᮕᮔ᮪

ᮜᮄᮔ᮪ ᮠᮚᮀ ᮙᮧᮒᮧᮁ

ᮜᮄᮔ᮪ ᮠᮚᮀ ᮓᮥᮄᮒ᮪ ᮔᮥ ᮜᮧᮘ

ᮒᮕᮤ ᮠᮚᮀ ᮌᮨᮒᮧᮜ᮪ ᮓᮤᮃᮏᮁ

ᮍᮥᮑᮀ ᮆᮜ᮪ᮙᮥ ᮃᮙ᮪ᮘᮦᮂ ᮘᮌ᮪ᮏ

ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮌᮩᮞ᮪ ᮕᮤᮔ᮪ᮒᮨᮁ

ᮠᮚᮀ ᮍᮝᮍᮥᮔ᮪ ᮓᮦᮞ

ᮠᮚᮀ ᮙᮤᮜᮥ ᮍᮛᮧᮕᮦᮃ

ᮞᮀᮊᮔ᮪ ᮠᮤᮛᮥᮕ᮪ ᮌᮨᮓᮦ ᮌᮥᮔᮔ

ᮕᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮘᮀᮞ ᮏᮩᮀ ᮔᮌᮛ

ᮛᮏᮤᮔ᮪ ᮞᮊᮧᮜ ᮊᮩᮁ ᮘᮨᮊᮨᮜ᮪ ᮏᮌ


Bisaan éta budak, bisa pas ngasupkeun kecap kana éta sajak.

Bilih aya nu teu ngartos kana tulisan nana. Di handap disayogikeun transliterasina. Mangga diaos.

HAREPAN

Lain hayang motor

Lain hayang duit nu loba

Tapi hayang getol diajar

Ngunyang élmu ambéh bagja

Lamun kuring geus pinter

Hayang ngawangun désa

Hayang milu ngaropéa

Sangkan hirup gedé gunana

Pikeun bangsa jeung nagara

Rajin sakola keur bekel jaga