About

Time goes by, stupid remains……

 

Nami abdi Muhamad Nur Fikri a.k.a Ahmad a.k.a Fikri, tapi disebat nu sanes salian ti eta oge teu nanaon, salami sae mah (heuheuheuheu).

Urang Sunda Asli, lahir di Subang kaping 28 Mei 19xx atanapi 8 syawwal 14xx (isin ah, tos sepuh) di Subang, namung ari di Akta lahir mah diserat na di Bandung wae, duka kunaon, da nu ngadamel na sanes abdi, nya tos we lah, keun masalah eta mah, da tos lami.

Alhamdulilah lulus SD Pasir Panjang, SMP Cililin, SMA Cililin, sareng POLBAN. Sakola di Albasyariyah saatos lulus SMP mung kengeng sapuluh sasih, sabab dibotak gara-gara ngobrol sareng istri.

Hirup ngabatin wae, tapi ti dinya, aya hikmahna, jadi aya kahayang milari cara ngahandle masalah-masalah pibadi, nya teu dugika beres sadayana, tapi sahenteu na aya usaha, sareng sok ngabantosan rerencangan anu gaduh masalah,  (nya masing kadang kalah beuki nambahan masalah ka batur na, heuheuheuheu).

2 thoughts on “About

Leave a comment